The first 184 lines.
Akademi (Sakolaan) ....
Kapungkur, sakolaan ieu teh nyaeta
puseur padepokan ninja di desa Konoha,
anu mere latihan beurat ka sakur muridna teh.
Nanging katenangan sarta stabilitas di jaman modern ieu,
tos ngarobah sabagian sistemna.
Ayeuna mah, nu diajarkeunna teh ninjusu
jeung palajaran biasa.
Tujuan ayeuna di sakolaan ieu teh nyaeta
bisa ningkatkeun bakat sadaya muridna dina tiap-tiap bidang studi.
Ayeuna mah kuring moal piomongeun deui ah ....
Asa teu percaya.
Yeuh geura insyap Kamari maneh geus di skors 2 minggu.
Loba nu ngomongkeun maneh siah.
Naha teu era..
Ah paduli teuing.
Hei, tungguan atuh!
Si eta teu di kaluarkeun nya ....?
JANGAN LUPA SUBSCRIBE @Budi Tutup Botol
BUDAK HOKAGE
Hei, Barudak!
Kuring Uzumaki Boruto!
Wilujeng tepang sadayana!
Repeh,,! ulah ngerakeun kitu ah.
Nya, Denki.
Kuring diuk gigireun anjeunnya?
Nya sok wios.
Nya atuh.
Punten!.. Punten!
Alhamdu, kuring bebas ayeuna mah.
Bebas kunaon?
Dua minggu kuring di titah diajar teu eureun-eureun.
Si eta kan jelemana teh?
Nu kamari nabrakeun kareta tea?
Nya puguh ngerakeun ....
Nya puguh, weureu gadung.
Untung we teu murag, ka imah warga!
Mun kitu mah bakal loba nu maot.
Ssstt!
Ulah tarik teuing, bisi kadengeeun!
Hampura ....
Ulah didenge nu kitu mah.
Nya, heunteu da.
Teu paduli ah urang mah.
Nya atuh alus ari kitu mah.
Oh!
Duh,, buku kuring katinggaleun!
Naha bisa nepi ka poho kitu?
Shikadai, cik. minjeum buku nu maneh.
Embung ah.
Ngariweuhkeun wae.
Ulah nyarios kitu!
Si Boruto, mani euweuh ka era nya?.
Nya puguh.
Si eta teh nu kamari piomongeun
nu nabrakeun kareta kana gawir lin?
Babaturan anjeun pan, Sarada?
Kolot urang jeung manehna teh ceesan, eta hungkul.
Cielah, Babaturan deukeut atuh?
Nya kitu we!
Tapi abi embung, era jadi babaturan manehna mah.
Nya bener sih.
Tapi bapana mah hebat.
Akang Naruto, sang Hokage .…
Nya.
HOKAGE KATUJUH
Jelema hebat, da pangalamanna ge loba.
Kina-kina bapana Hokage,
Hah ... Inojin!
Kuring tarik teuing nya?
Hei, Inojin, ulah ngomong kitu.
Ah, hampura.
Maneh kasinggung ku ucapan kuring?.
Tapi da emang kanyataan nana kitu pan.
Jelema nu hampir nyilakakeun batur
biasana sok langsung di penjara.
eta .…
Emang kumaha kajadian benerna teh?
Bener kan .…
Geus lila teu papanggih, Boruto.
Sabaraha lila nya?
Oh, Inojin.
Aranjeun geus karenal?
Kolot arurang sih.
Kupingkeun, Inojin.
Kuring ngarti sipat anjeun tibaheula kawas kieu.
tapi bisa teu lambey na di jaga?
Nya emang kunaon kitu.?
Hmp kalah jadi runyem masalah na.…
Nya ieu euweuh hubungan nana jeung kolot urang.
Nya atuh hapunten!
Tapi kuring can percaya ka anjeun mah.
Anu!
Urang teh babaturan sakelas, ulah parasea atuh!
Nya atuh ulah raribut kitu!
Ngaradeg!
JANGAN LUPA SUBSCRIBE @Budi Tutup Botol
Sip, Boruto, geus beres.
jadi ayeuna, urang tos beres
ngukur kakuatan dasar jeung kalemahan hidep sadayana.
Salajengna urang bakal latihan nu geus aya dina data ieu.
siap.
Boruto, anjeun bener-bener hebat!
Ayeuna anjeun rengking ka dua di kelas.
Terus saha nu kahijina?
YUINO IWABE UZUMAKI UCHIHA
Nu mana Iwabe teh?
Jigana nuju teu aya didieu ayeuna mah.
Manehna mah alimeun ngahiji jeung nu amatiran mah.
Oh?
NINJA
Duh lapar emz.
Hei, bro!
Urang dahar bareng ah??
hampura, kuring aya perlu heula.
Aranjeun kudu wagiru kaluar oge.
Assalamualaikum.
Aneh, kunaraon nya?
Baelah ... yu ah urang dahar—
Nyaringkah!.
Nga ganggu wae.
Kuring keur make tempat ieu.
Saha?
I-Iwabe .…
Iwabe si Siswa Abadi.
Cenah mah manehna teh teu lulus UN dua kali.
Oh, anjeun teh senior, nya.
Nya, wilujeng tepang we!
Ulah so akrab jeung urang mah, dasar Budak Hokage.
Ulah mamawa kolot atuh euy.
Kuring mah teu resep …
lamun kuring kudu gaul jeung maraneh mah.
kur ngagokan hungkul.
ngandelkeun ngaran bapana hungkul!
Kehed teh,!!
Kunaon?
teu sa level jeung urang mah.
Boruto!
Gelo siah!
Gelut jeung urang, aya kawani mah.
Calik, ulah kabawa emosi nya. Bahaya.
Para guru oge olohok kaget ningali taijutsu na Iwabe.
Terus kunaon atuh teu lulus-lulus wae?
Duka teu terang, tapi ....
Dengekeun.!
Ari jadi ninja mah, kakuatan eta sagalana.
Euweuh gunana ngapalkeun jeung jadi budak bageur kawas maraneh mah!
Yeuh Hokage teh eta Ninja pangkuatna.
Salila manehna kuat, ninja mah bebas rek ngalakukeun naon-naon oge.
Si eta mulai dei.
Kuduna si eta mah di kaluarkeun ti sakola teh.
Tapi Iwabe, Hokage Ketujuh mah
ngagunakeun ninjutsu-teh dina jalan kabeneran.
Kusabab eta abi oge ....
Gandeng siah!
Jelema letoy mah ulah ngomong!
10 taun katukang, urang geus perang.
Nalika kang Hokage masih jadi prajurit ninja biasa,
situasi sakola ieu teu kawas kieu.
Tapi dina sakiceupeun.
tempat ieu jadi letoy sarta barobah.
Kuring teu narima.
jelema letoy ditarima di sakola ieu kusabab ngaran gede bapana,
teu pantes aya didieu!
Boruto teu ngandelkeun ngaran gede bapana.
Hah?
Boruto mah teu kawas kitu!
Kuring pernah di tulungan Boruto
kusabab eta kuring sakola didieu teh.
Emangna maneh apal naon ka boruto?!
Cariosan anjeun sae oge ....
Tapi ....
Lawan heula urang, karek maneh pantes ngomong kitu ka kuring!
Lepaskeun siah!
Hei, emangna kakuatan bisa digunakeun
neungeul jelema sangeunahna?
Naon siah?!
Boruto!
Teu nanaon, Shikadai!
Saenyana kuring males gelut didieu teh, tapi ....
Kuring bakal nantang anjeun!
Alus atuh.
Pak Shino…
Boruto ngawitan sakola dinten ayeuna, pan?
No comments yet. Be the first to leave one.